PRIANGAN (869000 djalma.)
Dajuhna: Bandoeng ( loehoerna tina laoet 2400 kaki.) Kaasistènan: Soekaboemi, Tjiandjoer, (dukut ka Tjiandjoer di mana Tjipanas aja paniisaan kandjeng toewan Besar.) Bandoeng, Soemedang, Tjitjalengka, Limbangan (dajuhna Garoet) Tasik-malaja, Soekapoera (dajuhna : Manondjaja) Soekapoera-kolot (dajuhna : Mangoenredja.)
Hasilna: Parè, kopi, tèh, tiwoe, bako, katjang, djagong, koeda, sapi, embé, domba, kai, sajang-walet.
TEGAL (558000 djalma.)
Dajuhna: Tegal. Kaasistènan : Brebes, Pamalang.
Hasilna : kopi, nila, bako, tiwoe, moending, mèong, manoek, laoek tjai.
PEKALONGAN (357000 djalma.)
Dajuhna : Pekalongan. Kaasistènan: Batang. Dina pigoenoengan Dièng aja oeroet djaman Hindoe. Anoe rada sohor nja èta Gedong-Bimo.
Hasilna: Parè, kopi, tiwoe, nila, bako, djagong, tèh.
SAMARANG (1,054000 djalma.)
Dajuhna : Samarang. Kaasistènan: Kendal, Demak. (Dukut didinja aja sahidji tempat di mana hawa bidjil tina lijang anoe dina tanah. Ari gus kaloewar, tampolannana datang ka hoeroeng koe manèh. Fidinja èta sunu diseboetkun sunu langgeng.) Grobogan (dajuhna Poerwodadi.) Distrikt Wirosari aja tanah noe garing djung gorèng.