Lompat ke isi

Kaca:Elmoe Boemi Tanah Hindia Nederlan.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
13

Hasilna: Parè, kopi, kapas, bako, tiwoe, nila, tèh, kajoe manis, kai, moending, mèong, bagong, monjèt.

KEDOE (503000 djalma.)

Dajuhna : Magelang. Kaasistènan Temanggong. Hasilna: Parè, kopi, bako, moending, koeda. Eta karesidènan kakoerilingan koe goenoeng anoe laloehoer : tebèh koelon koe goenoeng Prahoe, G. Sindoro djung G. Soembing, tebèh wètan koe G. Oenarang,G. Merbaboe djung G. Merapi.

Kedoe enggus sohor koe tina loba oeroetna djaman Hindoe. Dukut lemboer Moendoet aja boneka (ertja) anoe luwih aloes didjiunna.

Di gedong-songgo, aja sahidji tjandi (masigit, garèdja) gus mashoer koe tina ertjana Doerga, Siwa djung anoe sanès dui. Kalèrun Magelang aja dui tjandi, ngaranna Selo-Grio. Di distrik Minorèh aja tjandi Boeroe-boedor anoe luwih sohor koe tina aloes pisan oekirannana.

DJOGJOKARTA (Mataram) (370000 djalma.)

Karesidènan Djogjokarta (Nganjogjokerto) djadi 1. Tanahna Soeltan Mataram 2. Tanahna Pangèran Noto-Prodjo. 3 Tanahna Pangeran Pakoe Alam. 4 Tanah goepernemèn : Nanggoelan.

Dina sisi laoet aja loba karang djung goeha noe sohor nja èta goeha Kala djung goeha Njai-kidoel. Kadinja oerang Djawa sok mawa salisihan.

Di Imogiri aja padjaratan soeltan-soeltan wapat Djogjakarta djung Soerakarta.