Lompat ke isi

Kaca:Elmoe Boemi Tanah Hindia Nederlan.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
15

PASOEROEAN (500000 djalma.)

Dajuhna : Pasoeroean. Kaasistènan: Malang djung Bangil.

Dukut lemboer Grati aja Rance Klindonang, ance sohor koe tina rèjana boehaja anoe dipaliara koe oerang didinja, panjanana jèn èta saroetji.

Dina èta karesidènen aja tjai, ngaranna Banjoebiroe anoe mashoer koe tina hérang parat.

Dina pigoenoengan Tengger aja lemboer Ledok-Ombo, didinja aja pangtjitjingannana oerang Hindoe.

Dina abdèling Malang, lemboer Singasari aja oeroet djaman Hindoe.

Hasilna: Tiwoe, kopi, parè, kapas, moending, sapi, koeda, badak.

PROBOLINGO (348000 djalma.)

Dajuhna : Probolingo. Kaasistènan : Loemadjang djung Kraksaan.

Hasilna-tjara Pasoeroean.

BESOEKI (322000 djalma.)

Dajuhna : Besoeki. Kaasistènan : Panaroekan (dajuhna Sito-bondo) Di mana nagara l'anaroekan aja toengtoengna djalan gedè, Bondowoso.

Hasilna: Kopi, tiwoe, parè, nila, bako, kai; mèong, badak, moending, koeda, domba.

BANJOEWANGI (53000 djalma.)

Dajuhna: Banjoewangi di sisi Goepitan Bali. Kaasistènan: