Lompat ke isi

Kaca:Elmoe Boemi Tanah Hindia Nederlan.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
17

linggih di nagara Singaradja, 3. Karang-Asem (didinja aja tjara garèdja ngaranna Kahjangan, 4. Klongkong, 5. Gianjar, 6. Badoeng. Dina tiloe nagara èta aja dui kahjangan 7. Bangli, 8. Mengoewi, 9. Tabanan, didinja araja doewa kahjangan.

§ 2.

Legana poelo Bali 105 mèl pasagi; ari djoemlahna djalma tu tangtoe rèjana aja noe naksir: 1,200000 aja dui anoe naksir 500000 djalma.

Agamana oerang Bali agama Hindoe. Koe manarèhannana diagoengkun djung dibakti Batara Siwa; nja kitoe dui Batara Indra djung Batara Waroena. Djaba tidioja koe oerang Bali dikoerbanan soekmana karoehoen-karoehoenna, ngaranna Pitara.

Ari gus maot oerang Bali tèh toeloej majitna dibulum.

Oerang Bali djadi opat bangsa. 1. Bangsa Brahman (pandita.) Ngaran pangkatna Ida. 2. Bangsa Satria (gagaman) èta sok diseboetkun Dèwa. Radja Klongkong di seboetkun Dèwa Agoeng, atawa Soesoehoenan Bali djung Salaparang (Lombok.) 3. Bangsa Wesa (ahli tani, dagang, toekang-toekang), èta diseboetkun Goesti. 4. Bangsa Soedra (kawoela-kawoela). Ajn dui djalma anoe gus dipisahkun ti djalma anoe sarèdjèn koe tina sabab kasakitoa tu bunang ditjagurken dui. Eta djalma ngaranna Tjandala.


LOMBOK.
§ 3.

Poelo Lombok sok diseboet ogè Salaparang atawa tana