Lompat ke isi

Kaca:Kasoesastran Soenda II.pdf/112

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

III

Kinanti.

Ladjoe lampah Pandjiwoeloeng,
diiring koe Djajapati,
Ki Djanggali Ki Djanggala,
djeung batoerna Djajapati,
ngaran Ki Kébomanggala,
kalima Kéborarangin,
Toeroen goenoeng oenggah goenoeng,
njorang lébak njoekang pasir,
ngaliwat kana boeboelak,
sampalan badak djeung sapi,
djaoeh tjoendoek anggang datang,
soemping damping ka ibasisir.

Raden ngantosan parahoe,
tjalikna dina kikisik,
disasarap dangdaoenan,
daoen bakoeng djeung badori,
tamba késél sasaoeran,
njarioskeun adjar tadi.
..............................................

(Wawatjan Pandji Woeloeng, karangan Raden Hadji Moehamad Moesa, tjitakan taoen 1922).

Toeh apan kitoe geuning oengélna njaritakeun anoe loemakoe djaoeh teh.

Hidji satria anoe loegaj ti nagarana, diiring koe panakawan doeaan, makgoedna rek ngalalana, ngadjadjah nagara lian, hénteu katjatoer njorang djalan géde, hénteu nitihan kareta atawa toetoempakan lan ti eta, tapi angkat njatat, njorang tégal djeung sampalan, njorang lébak djeung boeboelak, njorang leuweung mipir pasir, toeroen goenoeng oenggah goenoeng. Sadjadjalan teu katjatoer eoek-gok djeung djéléma, da poegoch leuleuweungan tea ari péta tea mah. Sakalieun ngaso ngareureuhkeun palaj, tjoekoep koe ngioehan handapeun tangkal kiara, kitoe oge kaganggoe koe sato galak ......................dj.s.t.