10
Sanggeus aja kabinangkitan noelis, kakara Kasoesastran teh aja rengkolna dina toelisan, oepamana:
dongeng-dongeng soelock kabatinan, nja eta
tjarita-tjarita pantoen; dongeng-dongeng sasakala, oepamana:
Sangkoeriang djeung sapapadana; dongeng-dongeng
misil pikeun baroedak, oepamana dongeng poetri
toedjoeh dj.s.t, dina Pariboga; sisindiran djeung sesebred;
roepa-roepa kakawihan djeung salian ti eta.
Sangkan atra pasipatanana, ebreh djěnglenganana Kasoesastran Soenda, ajeuna oerang titenan saroepa-roepana.
TJARITA PANTOEN
Tjarita pantoen teh dongeng Soenda pitoein panewaris karoehoen. Ari noe didongengkeunana alam Padjadjaran djeung alam beh ditoeěunana.
Nilik wangoenanana djeung eusina, oerang bisa nětěpkeun, jen karoehoen Soenda teh tabah kana ngarakit oengkara sarta biasa njangsangkeun siloka, anoe djěro oedaganana, Ngarakitna pamanggih, natakeunana rasa, kabiasaan ngagambarkeunana pikiran, horeng kitoe geuning, beh rengkolna aja dina tjarita pantoen ajeuna, lain-lainna deui djeung anoe kiwari.
Oepama haběn diintip, dititenan dina saban mantoen, ěngke bakal Kanjahoan, jen nadjan tjarita anoe djadi lalakon aja roepa-roepa, tapi ari babagian djeung rakitanana mah anggěr bae, meh taja pindah-pindahna, geus djadi apal-apalan, nean kari njaroengsoem bae koe anoe djadi poko lalakon tea.
Lamoen koe oerang dipasing-pasing roetjatnana, engke bakal kanjahoan koemaha perelean pokpokanana hidji-hidji bagian tea. ari biasana roentoejanana teh saperti anoe diberendelkeun di handap ieu:
Ngarandjah,
Nataan kageulisan modjang,
Nataan modjang dangdan,
Nataan adeg-pangadeg menak kasep.