Lompat ke isi

Kaca:Kasoesastran Soenda II.pdf/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
11

 Nataan noe kasep dangdan.
 Nataan modjang angkat.
 Nataan modjang ngawang-ngawang.
 Nataan noe pěrang tanding.
 Nataan papakean Lengser.
 Nataan pěta-pěta Lengser.
 Nataan kaajaan paseban, aloen-aloen, tampian.
 Nataan kamonesan waktoe pesta.
 Nataan lalajaran dj.s.t.
Ari lalakonna anoe biasa dipantoenkeun:
 Loetoeng Kasaroeng, Tjioeng Wanara, Nji Soemoer Ban-
 doeng, Moending Laja, Koeda Lalean, Koeda Wangi,
 Gadjah Loemantoeng, Bima Wajang, Rangga Sena
 djeung salian ti eta.
 Hidji-hidjina lalakon moal ditjaritakeun, da lain eta anoe dimak-
soed di dieu. Ari noe rek dipapaj ajeuna mah babakoena pisan
wangoenan tjaritana, oengkara basana djeung larapna kětjap, ambeh
bisa dibanding-banding djeung tjarita djaman ajeuna.
 Dina tjarita-tjarita pantoen, bagian papantoenanana salawasna
poerwakanti swara, anoe padalisan-padalisanana didjadikeun koe
dalapan sora; palebah tjarita lalakonna sok digorolangkeun, basana
hasa lantjaran sarta henteu dibaroeng koe katjapi.
 Ieu di handap diberendelkeun sawatara tjonto-tjontona:

RADJAH:

Loetoeng Kasaroeng.

I.

 Boel ngoekoes měndoeng ka manggoeng,
 ka manggoeng něda papajoeng,
 ka dewata něda soeka,
 ka pohatji něda soetji,
 koering rek diadjar ngidoeng,
 nja ngidoeng tjarita pantoen,
 ngahoedang tjarita wajang;