Lompat ke isi

Kaca:Kasoesastran Soenda II.pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

13

kami mah palias keneh,
bisi goeroe tanpa seler;
ratoe kaler kitoe keneh.
kami mah palias keneh.
bisi goeroe tanpa sangkan;
ratoe wetan tatjan keuna,
bisi mareng tan landésan.

Tjatoerkeun wiwitanana,
wékasan di dinja keneh,
néda agoeng nja paraloen,
néda pandjang pangampoera.

Rek ngoesik-ngoesik noe tjalik,
ngobah-ngobah noe keur tapa.

Kiwari ngantjik di měndi,
ajeuna negandjang di mana?

Di nagara Pasir Batang,
Pasir, Batang anoe girang.
............................................................

(Satamatna radjah, toeloej kana lalakon)

RADJAH:


Raden Deugdeug Pati Djajapěrang.

 Ahoeng!
 Ahoeng!
 Ahoeng!
 Ahoeng!
 Ahoeng!
 Ahoeng!
 Ahoeng!