Bisi aja boemi noe kalěpat,
Boemi noe kalěpit,
noe garanggangan noe garonggongan,
něpoes bengkoeng ngadal mětěng.
Djlĕg:
Direkakeun tjoepoe manik astagina,
diteundeun di djalan gěde,
dibandingan sarat tangan,
ditoeroeban boëh larang,
noe moeka semah paliwat djalan,
bijar saboeka siang,
ting daleungdang ting haleuang,
ronghok noe menta dilalakonkeun,
poetra anoe tigang lawe,
soean kapitoe bělas,
intjoe tigang ewoe.
Ari noe kagoengan Padjadjaran Prěboe Siliwangi, poetrana anoe
kasep Raden Iman Sondjaja.
Noe kasep kagila-gila,
hoeroeng mantjoer ngaragoemang,
di djěro paseban.
....... ........................
(Rengse radjah, nindakna kana lalakon).
RADJAH:
Tjarios pantoen Raden Moending
Laja di Koesoema.
Poen! Sapoen!
Ka loehoer ka Sang Roemoehoen,
ka goeroe poetra Hyang Bajoe,
ka handap ka Sang Batara,
ka Batara Naga Radja.
ka Batara Naga Soegih!