Poenika radjah pamoenah,
paragi moenah sagala;
moenah lěmah katoet imah,
moenah kajoe katoet batoe,
moenah tjai katoet. diri,
moenah raga sarěng banda.
Ngahatoerkeun sangoe poetih sapoeloekaneun :
ka Sang Ratoe Boeligěr Poetih,
noe tjalik di hoeloe pasir,
ka Sang Ratoe Djělěgong Poetik
noe tjalik di hoeloe lěbak;
ka Sang Ratoe Hoemoeroek Poetih,
noe tjalik di dasar tjai!
„Isoen radjah pamoenah”.
RADJAH PANOETOEP.
Amboeing Radjah pamoenah,
Aki ing Radjah pamoenah,
Sang Kala Wisesa.
Rat djagat wawajangan,
Těs, ngagentjlang titisan kai amarah,
Oraj laki Barahma poelang ka Kidoel,
Oraj Barahma mětoe datang ti Koelon,
moegia poelang ka Koelon.
Oraj Barahma ti Kaler poelang ka Kaler,
ti Wetan poelang ka Wetan.
Sang Ratoe Oelang-aling ka loehoer,
Pamoengkěs Radjah pamoenah.
.......................................
Tina hal radjah, sakieu oge sakalieun tjonto mah tjoekoep. Moen koe oerang dititenan, tangtoe baris kapanggih, jen aja doea tiloe kětjap Djawa anoe njarělap, sapěrti: wong, isoen dj.s.t. Noe matak kitoe, kawasna, lantaran diwangoenkeunana koe toelisan, sanggeus Soenda keuna koe Pangaroeh Mataram.
Ajeuna oerang toeloejkeun kana :