21
Nilik tjontona anoe bieu, sok sageuj hěnteu katjipta, koemaha wandana ari angkat gandang, tandaning pěrangna meunang.
Keupat lépas ka hareup téroes kabeh loehoer tjara militer djaman ajeuna, alam Padjadjaran oge énggeus aja, njata dina omongan: ,,keupat dialoeng ka manggoeng".
Ngagambarkeun kagoembiraanana noe tas meunang pěrang, nataan kaajaanana leuweung djeung rénggénékna nagara katendjo ti kKadjaoehan, sakitoe aretjesna.
MENAK NGAPOENG
I.
..........................................................
beuki loehoer pang ngapoengna,
beuki lěpas pang ngapakna,
paheula-heula djeung heulang,
paboro-boro djeung rangkong,
njoreang ka těbeh handap,
atra katingal goenloengna,
goenoengna pating parentoel,
sagara siga tjileungtjang,
katingal ti awang-awang,
leumpang sakoelit ing angin,
kapindingan indoeng peuting,
kalampatan mega bodas,
kareueukan mega hideung,
sawahna sariga kalang,
kataradjang angin lada, (angin barat),
anginna sada karinding,
soegoerna sada galindoer,
gělapna sada korendang,
tarik tanding mimis bědil,
liang tjeuli sondarian,
rea lěmboer noe kalangkoeng,
rea sagara kaliwat,