Lompat ke isi

Kaca:Kasoesastran Soenda II.pdf/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

31

Katembong nu kasep ngaliwat:

Etjet-etjet dina lintjar,
kasintoe dina mareme,
nu kasep tembong rek lintar,
disampeurkeun ku bebene.

Nya kami jalma nu lēndjang,

pun rampes geura sindangan,
nya kami jalma nu denok,
pun rampes geura pondokan,
nya kami jalma nu galing,
pun rampes geura peutingan.

"Ti měndi nya tuang bumi, kumaha kasambat tuang kakasih?"


..........................................................

(Tjarita Loetoeng Kasaroeng).

Tjonto anu bieu teh dijadikeun ku basa salajur (basa lancaran) jeung sesebred. Nurutkeun unina omongan-omongan, ebreh wandana Sanghyang Loetoeng, dina mangsa indit ka parakan, daweung loedeung, tandang nu taja karingrang.

Sanggeus Sanghyang Loetoeng mindah roepa, jadi deui sinatria, kasep ngalenggereng koneng, para putri taya nu henteu kapincut, ngadadak jadi birahi, sarta pada hayang kauntungan tipung katambang beas, kalaksanakeun ka satria anu anjar pinanggih.

Katineung jeung kabirahian para putri, digambarkeunana dina sesebred jeung dina omongan-omongan sapandeurieunana, anu minangka dangdinganana mun ayeuna mah.

Dina pokpokanana ngědalkeun katineung hate, hěnteu ngajajaj malapah gědang, tapi ringkěs, pondok catur panjang maksud tur tetela deuih, teu matak susah dipaham.