Lompat ke isi

Kaca:Kasoesastran Soenda II.pdf/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
34
Kĕmbang wera kĕmbang beureum,
kĕmbang gandaria manis,
matak era deungeun-deungeun,
matak tjararia kami.
...........................
Kadjeun moending boeloe hīris,
kadjeun koeda boeloe landak,
ka djalan kapariakeun;
kadjeun ge ngĕdĕng boeligir,
goledag hĕnteu disamak,
soepaja dĕjoeng Raden Laja.
...........................
Ditjioem dikoedja laoet,
sĕmoe diroenja-dirĕnjoe.
...........................
Roeas boengbas pipir hawoe,
noe geulis modongsong koneng.
...........................
Soerakna ngaindoeng lĕmboer,
soerakna ngabapa desa,
soerakna ajeuh-ajeuhan.
...........................
Andjing beureum saba leuweung,
goeroedjag ............ noe anjar soemping.

(Tjarios Pantoen Raden Moending Laja, di Koesoema).

Tjonto-tjontona sesebred anoe kapintonkeun bieu, hĕnteu aloes kabeh. Oepamama:

,,Kadjeun moending boeloe hīris,
kadjeun koeda boeloe landak,
ka djalan kapariakeun;
kadjeun ge ngĕdĕng boeligir,
goledag hĕnteu disamak,
soepaja dĕjoeng Raden Laja."