Sanggeus ngoekoes sarta tamat mapatkeunana djampena, kakara nindak kana bagian njalawatna.
Bismillahirrohmanirrohim.
Tjarita Nji Tjandrawati, basana eukeur di doenja, djadi ratoe widadari, djadi rabina wong moe’min.
Djadi goesti soeka Allah, ngoedang ka poerana widoeng, ngoedang Njai Tjandrawati, kawih kami ka-heujeukan.
Ka tanian toeroen moerba, ka boemi sang paratiwi, poehatji nagana gini, poehatji poetjoeking iboen. Poehatji robaniŋ angin, noe tapa di Kahijangan, noe ŋgasoehan Tjandrawati, hatoeran Nji Lokatmala.
Anaking Nji Tjandrawati, asoep ka sang patan djala, ka boemi sang paratiwi, pada ŋgasorangkeun timeug. Di boeana pantjatĕngah, ngalahir Nji Tjandrawati, amboe para nene rampes, singkakkeun katjetjeub kami.
Tjetjeub di noe sing sĕrwa soengkan, ngeujeuk di malĕm Djoemah, di noe mĕtĕng sore-sore, ngalawajan bari njangoendjar.
Noe ŋgĕtek saboeka siang, sabab tjoendoek isoek-isoek, datangna saboeka siang, tjetjeub kami ka noe ŋgamoek timoen.
Tjetjeub kami ka noe nĕndjrag sare, ka noe ŋgakeul ngala keupĕul, ka noe leumpang sing sarwa soendag, ka noe ŋgĕboetkeun sindjang di geusan.
Tjetjeub ka noe ŋgirabkeun ramboet di goah, njoĕhkeun godong koe tangan, tjetjeub kami di noe meuleum kanteh, tjetjeub kami di noe meuleum ramboet.
Ka noe meuleum pangdjoedjoetan, di noe meuleum pantjar bitoeng, tjetjeub kami di noe gĕloeng djoetjoeng, tjetjeub ka noe ŋgaloengkeun pakarang.
Saoerna Nji Lokatmala, anaking Nji Tjandrawati, rampes ka boemi noe soetji, boemi soetji lĕmah poeth.
Kasoetjian Tjandrawati, amboe para nene rampes, koe kami diimpi-impi, ajeuna amboe geus soemping.