Lompat ke isi

Kaca:Kasoesastran Soenda II.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
44

Djawaban: Saha itoe noe ngalantoeng.

Beunang sakoekoedoeng woeloeng, beunangna saheubeur beureum, sakekentjeh kanteh koneng, beunang sakarembong hedjo.

Saoerna Nji Tjandrawati, djangdji Nji Haroemananga, tjawisan hapitna djati, tjaorna dawolong tjondong.

Toendjangan boengboelang peuntjang, soeri awi tali noenggal, taropong tamiang sono, kintjirna ki djoelangs ngora.

Kisina koe pinang tjolat, gĕdogan djati koemlis, djingdjingan koe pinang gading, limboehan koe kajoe arĕng.

Barerana roejoeng langkap, soedjima hajam kabiri, tjipangoelas tjai anjar, oelah make tjai bari.

Bisina diĕnoem oetjĭmg, bisina datang longlongan, larangan Nji Lokatmala, bisi datang balangbengsal.

Djawaban: Lailahailallah Moehamdoerrasoloellah, indoe dinding moala djari lala moala.

Poehatji nagana gini, ngaran dewata djoedjoetan, indoe dinding maola djari lala moala d.j.s.t.

......................................................................

(Poesaka Soenda taoen 1926).

Sakalieun tjonto mah, sakieu ge tjoekoep. Koe saliwat oge geus tetela, jen Kasoesastraan Soenda di dieu geus kasosok koe pangaroĕh Arab.

Ajeuna oerang nĕroeskeun hantja, nitenan tjonto-tjontona anoe sedjen.

ADAT BOEHOEN
Noe rek ngahĕoma.

Memeh njatjar pihoemaeum, djoeroe tani sok sandoek-sandoek heula, sakalian bari menta idin ka noe ngaĕugeuh leuweung, anoe rek dihoemaan tea. Soeboĕh-soeboĕh indit ti imahna, sadatangna