Sabadana, lĕboe mĕnjan teh diroeang dina palĕbah oeroet manehna dioek; geus kitoe meuweung panglaj sarta dimana geus lĕmboet, tĕroes diboerakeun bari toeloej ngadoa deui, kieu pokpokanana:
- „Bismillahirrohmanirrohim, poetra Nabi Soleman kang dadi katjeseh noe aja di awang-awang Pangeran Jadattoellah, poenika poetra Nabi Soleman kang dadi oraj Raden Gandatoellah, poenika poetra Nabi Soleman kang dadi matjan Raden Mangoendjaja, poenika poetra Nabi Soleman noe aja di koelit boemi Raden Gandatoellah, poenika poetra Nabi Soleman noe aja di dasar boemi Raden Moerdatoellah, poenika poetra Nabi Soleman noe aja di koelit banjoe Raden Rekamaja, poenika poetra Nabi Soleman noe aja di dasar banjoe Raden Majareka, roh kajoe, roh boemi, manoesa asih ka dewa, dewa asih ka manoesa, istan! istan!"
- „Asihan aing asihan Nabi Soleman, koela njoehoenkeun idin, njoehoenkeun rĭdo, salamĕtan, rĕdjĕkina, koela rek njĕun tĕgal kahiroepan dina leuweung ieu” djs.t.
.................................................................................................... .....
(Poesaka Soenda taoeun 1926).
Tjonto-tjonto anoe ditataan bieu teh, kapĕrtjajaan Soenda di djaman boehoen, tapi sanggeus gĕlar agama Islam, djadi robah pasipatanana, basana gerengsel pinoeh koe Arab, nĕpi ka siga kapĕrtjajaan Islam, toerta ari saĕnjana mah ngan oekoer djadi kabiasaan ari ajeuna mah. Ieu teh teu beda djeung djangdjawokan (djadjampean) anoe sok diparatkeun dina waktĕoe moepoehoenan (mitĕmbĕjan diboeat). Apan eta teh lain kapĕrtjajaan Islam, tapi kapĕrtjajaan Hindoe. Ari ajeuna, noe matak loba kĕneh noe sok ngadjaralankeun teh, doemeh geus djadi kabiasaan tea bae.