Lompat ke isi

Kaca:Kasoesastran Soenda II.pdf/5

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

BABARAN

KASOESASTRAN SOENDA.

Dina Kasoesastran Soenda djilid ka I, geus kapintonkeun babaranana anoe netelakeun, naon ari noe disĕboet kasoesastran, naon saroepa-roepana babagianana djeung naon maksoedna, oerang ngoelik kasoesastran.

Ajeuna ngan kari nitenan, koemaha pasipatanana djeung koemaha djĕnglenganana Kasoesastran Soenda ti mimiti alam boehoen nĕpi ka djaman ajeuna. Ieu teh lain pĕrkara loemajan, da poegoeh koedoe ditjoektjroek toetoeranana, dipapaj raratanana, ditaloengtik oenak-anikna noe bisa dipake bahan geusan katĕranganana; mangkaning sarat-saratna anoe ditataan bieu teh, hĕnteu salieuk beh. Koe sabab eta, dina mintonkeun katĕrangan-katĕrangana oge, moal bisa sampoerna.

Lamoen koe oerang dipasing-pasing, Kasoesastran Soenda teh beunang didjieun djadi sababaraha bagian, noeroetkeun djamanna.

A. Djaman Hindoe, samemeh gĕlar Islam.
B. Djaman Islam.
C. Djaman Islam, sanggeus keuna koe pangaroeh Mataram.
D. Djaman kaajeunakeun, sanggeus keuna koe pangaroeh koelon.