- Ka handap ka para wadija hoe Allah,
- menak koering noe araja hoe Allah,
- něda ma'loem bilih aja hoe Allah,
- sareh oeloen rek ngawitan hoe Allah.
- Oelailaha ilallah ilallah,
- oelailaha ilallah ilallah,
- Mochamadoen rasoeloellah ilallah,
- ja Allah ja rasoeloellah ilallah.
- ....................................................
Djeung loba-loba deui, da poegoeh ari pěta tea mah aja kitabna, ieu mah ngan oekoer sakalieun tjontona bae, maksoedna geusan netelakeun jen pangaroeh Arab dina Kasoesastran Soenda teh, něrkab dina oenggal bagian.
Sisindiran.
- Kembang katjang kembang wera,
- kembang sirotolmoestakim;
- ĕmboeng ngandjang ka mang Wira,
- bongan sok digogog andjing.</poem>
- ....................................................
Sisindiran anoe bieu teh dikawihkeunana koe boentjis, nja eta sabangsa roedat. Tatabeuhanana angkloeng, ari noe ngamenna oerang pilěmboeran bae.
Lian ti noe geus ditataan di loehoer, pirang-pirang deui tjontona anoe sedjen, anoe netelakeun, jen pangaroeh Arab dina Kasoesastran Soenda teh henteu saeutik.
Dina poepoedjian, dina tjarita-tjarita babaran agama oepamana basana teh apan direumbeuj koe basa Arab.
Kalimah-kalimah anoe dipapatkeun dina waktoe sambeang djeung oenak-anikna lian ti eta, sarerea oge njaraho, geuning sagemblengna bae basa Arab.
Tjonto-tjontona anoe sedjen, moal ditataan kabeh, da ĕngke oge baris kasampeur deui.