C. DJAMAN ISLAM
Sanggeus keuna koe pangaroeh Mataram.
Kira-kira abad ka 17 (Masehi), ti wangkid Soenda keuna koe pangaroeh Mataram, Kasoesastran Soenda teh robah deui wandana katoet pasipatanana. Nja ti waktoe harita, di tanah Soenda aja atoeran ngadangding anoe winangoen pada sarta pada ngawěngkoe sababaraha pada-lisan, anoe gělar dina roepa-roepa poepoeh, sapěrti:
poepoeh sinom, asmarandana, dangdanggoela, kinanti, pangkoer djeung salian ti eta.
Nja kitoe deui tjarita-tjarita wajang anoe gělar dina wawatjan.
Basa sandi oge, nja ti wangkid harita ngamimitianana aja dina Kasoesastran Soenda teh.
Samemeh ngaberendelkeun tjonto-tjontona, oerang mapaj heula raratanana, naon sabab-sababna djeung koemaha pětana, noe matak Soenda keuna koe pangaroeh Djawa, boh adat-kabiasaanana, boh kasoesastranana.
Kasoesastran Soenda kasosokna koe pangaroeh Arab teh babakoena pisan koe kasiatna agama Islam, anoe dirintahkeun koe oerang Arab djeung koe bangsa Soenda anoe geus mareunang wiridan agama.
Koemaha ari pangaroeh Djawa?
Di Soenda moal boa, tangtoe pabalatak pangaroeh Djawa teh, sabab kadjaba ti natangga teh, koengsi ngalaman kaěreh koe Mataram deuih.
Kadjaba ti eta aja deui anoe perloe katjaritakeun katěrangan salah sahidji boedjangga tina pěrkara kasoesastran, anoe bisa dipake pieunteungeun kana aděgan Kasoesastran Soenda bisana meunang pangaroeh Djawa, nja eta anoe kieu oengělna:
Pirang-pirang dongeng, boh anoe patali djeung adat kabiasaan, boh anoe njabit-njabit pěrkara agama, anoe dibarawa koe bangsa
Kasoesastran Soenda II