Lompat ke isi

Kaca:Kasoesastran Soenda II.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
52

 Sangkan bisa leuwih gampang nangenanana, geusan mapaj raratan bagbagan basa teh, oerang koedoe ngabandingkeun Soenda ajeuna djeung Djawa koena. Anoe pĕrloe dititenan koe oerang nja eta oenina kĕtjap, hartina kĕtjap. Kaajaan oenak-anikna basa, tangtoe pisan rea robahna, sapĕrti: robah dina sora, robah dina harti, dina wiandjana djeung robah dina rarangkenna.

 Tjontona:

  1. a. Kětjap-kětjap Soenda anoe saroea oenina djeung saroea hartina djeung Djawa koena:
    tjita (tjita-tjita) dina Djawa koena tjita
    langgěng,,langgěng
    sěděp,,sěděp
    kari,,kari
    doeka,,doeka
    hoeloe,,hoeloe
  2. b. Anoe saroea oenina, tapi rada beda ngalarapkeunana nadjan hartina mah saěnjana saroea keneh:
    malěs dina Djawa koena malěs = ngadjawab
    watangan,,watangan = kamar paranti noe ngadeuheus
    woejoeng,,woejoeng = ambek
    dj.s.t.
  3. c. Anoe hěunteu saroea oenina, tapi hartina mah saroea, da asalna sadjangkar keneh:
    euweuh dina Djawa koena awěh
    tembong,,tambwang
    seureuh,,sěrěh
    boeroek,,oroek
    soegoeh,,sěgěh
    aloes,,alijoes
    deuleu,,děleu