Lompat ke isi

Kaca:Kasoesastran Soenda II.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
57

P o e p o e h S i n o m

Ieu tjarita dikarang,
dianggit didjieun dangding,
tatapi basana djanggal,
pabeulit kasar djeung kawi,
tjara toelis noe ngimpi,
kawas tjatoer noe ngalindoer,
tapi soegan loemajan,
keur panjombo boedak tjeurik,
tamba ngawih hariring taja dangdingna.

(Wawatjan Radja Soedibya, karangan R. H.
Moehamad Moesa, aksara Soenda, taoen 1862).


D a n g d a n g g o e l a.

Dangdanggoela dapoering panganggit,
noe diangit tjarita baheula,
lalakon anoe kasohor,
noe kamashoer diséboet,
Sang Sri Rama Pakoening Boemi,
dina djaman harita,
saboeana poendjoel,
oerang kotjapkeun ti heula,
ratoe boeta anoe ngéreh njakrawati,
nagri Ngalénekadirdja.

(Sérat Rama, aksara Soenda, karangan R. A. A.
Marta, Nagara, ditjitak di Sémarang taoen 1900).


P o e p o e h A s m a r a n d a n a.

Sim koering diadjar nganggit,
njieun témbang basa Soenda,
tapina moetoch koe awon,
wantoe beunang noe diadjar,