58
- teu atjan paham Soenda,
moen manggih basa noe koesoet,
noe maos masing boedjangga.
- teu atjan paham Soenda,
(Wawatjan Ahmad Moehamad, aksara Arab, ka-
rangan . . . . . . . . . .).
. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .
Anoe diberendelkeun bieu teh, nja eta tjonto-tjonto manggalasastra (pangangkat tjarita) anoe winangoen dangding. Moen koe oerang ditěngětkeun, tangtoe baris kanjahoan, jen pokpokanana pangangkat tjarita beda deui djeung padika kaajeunakeun. Nilik tjonto-tjontona tadi, noe ngarang teh biasana sok sandoek-sandoek heula, sasadoe něda hampoera, bisi basana djanggal atawa teu loejoe djeung salian ti eta.
Kětjap-kětjap wědalan Djawa, ngan saoekoer hidji-doea, oepamana kětjap noewoen; dina tjonto-tjonto anoe bieu, noe loba teh wědalan Arab.
Anoe djadi poko, ngaberendelkeun tjonto-tjonto di loehoer teh, babakoena pisan mintonkeun manggalasastra, anoe gělar dina dangding.
BASA SANDI.
Kinanti.
- Anoe noelis dja katoendjoeng,
wa tjampaka ra malati,
ja tjampaka matining ha,
noe eukeur diadjar nganggit,
aja di dajeuh Limbangan,
moegi-moegi maksoed hasil.
- Anoe noelis dja katoendjoeng,
(Warna Sari karangan Raden Lenggangkantjana,
taoen 1912).
Tah ieu tjontona basa sandi; harina rasiah. Dina dangding anoe bieu aja ngaran rasiah (sandi asma), nja eta ngaran noe ngarang, anoe oenina hěnteu ditěmbrakkeun sahinasna. Djadi sandi asma teh boekaeun anoe maratja.
. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .