Ieu kaca geus divalidasi
59
Ajeuna oerang nĕroeskeun hantja, nja eta nĭtenan basana, anoe gĕlar dĭma dangdĭng.
Kinanti.
- Poetĕr poetih wismeng panggoeng,
- Rĕngganis bĕndara mami,
- gĕlĕpoeng pilis wĕdana,
- soesoeloeng kang mĕdal endjĭng,
- sawoelan mangsa lĭpoera,
- jen doeroeng aliliron sĭh.
- Poetĕr poetih wismeng panggoeng,
(Wawatjan Rĕngganis, karangan R. H. Abdoelsalam).
Toeh apan sakĭtoe ndjosokna pangaroĕh Djawa dĭna kasoesastran Soenda teh, nĕpi ka ngĕdalkeun sĕsebred oge koe basa Djawa, toerta dĭ Soenda hĕnteu koerang sĕsebred geusan ngĕdalkeun hate bĭrahi, dĭna mangsa nandangan brangta. Bĭasana oekoer doea-tĭloe kĕtjap bae noe dĭpake teh, noe dĭpalar djadi bahan geusan mamanis basa; ari ieu bĕt sagĕmblĕngna koe basa Djawa.
Tjonto-tjontona noe sedjen.
Dngdanggoela.
- Jen dĭpĭkir soemĭngkin kapĭkir,
- diwawaas sangsaja kagagas,
- pamĭngkahna katon bae,
- jen barĕng soemping njaoer,
- sora aroem pamingkah manis,
- noe matak djadi rea,
- istri noe kapintdjoet,
- Kadarmanik soemawonna,
- wĕlas manah koe sabab dĭwoelang eling,
- koe atjeuk Argapoera.
- . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .
(Wawatjan Rĕngganis, karangan R. H. Abdoelsalam).