Lompat ke isi

Kaca:Kasoesastran Soenda II.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

62

djangkěp opat perkawis,
sadaja satria loehoeng,
mana noe djadi karsa,
jogja koe goesti dipilih,
kabeh oge pantes tjaroge oetama.

. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .

(Wawatjan Angling Darma, aksara Soenda,
karangan R.A.A. Marta Nagara).

Sakalieun tjonto mah, sakieu oge tjoekoep. Nilik tjonto-tjontona anoe diberendelkeun bieu, koe oerang kanjahoan, jen sakitoe pabalatakna geuning pangaroeh Djawa teh.

Ajeuna oerang nitenan tjonto-tjontona anoe sedjen.

KETJAP-KETJAP NOE DIPAKE DINA AGAMA.

Dina katĕrangan babaran agama, babakoena pisan dina agama Islam, nja kitoe deui dina agama ka-Djawaan, mani gerengsel basa Djawana teh, sabab oerang Soenda baheulana loba noe masantren djeung meunang elmoe ti Djawa. Sapinah oepamana, apan disoerahanana teh koe basa Djawa, sapĕrti:

alhamdoe = oetawi sakehe poedji;
lillahi = tetep kadoewe Allah:
robbil'alamina = kang mangerani ing alam kabeh;
wah bihi = lan ing Allah:
nasta'inoe = noewoen pitoeloeng kawoela ........
djeung satoeloeyna

. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .

Piwoelang Kiai Baji Panoetra ka poetrana,

Nji Rara Tambangraras.


. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .

,,Geuning eulis, saoer sěpoeh: istri ka tjaroge teh koedoe maděp njěkěl oegĕran tekad gěněp pěrkara, nja eta: wědi, asih, waspada, satia, noeroet, soedjoed. Eta teh saroea bae djeung papagon toehoena kaoela ka Goestina, da nja eta mere djalan ka istri geusan