63
někanan wadjibna tea, koe ngabiasakaeun ti ajeuna, salaki anoe dipake bahan, ngaragoem djeung kapěrloeanana loeloes roentoet, mawa soegěma ti di dieuna keneh. Ana dibalikkeun ti lalaki ka istri, atoeh nja poegoeh wae matak lajeut, da lalaki oge ka Goesti teh mapaj papagon anoe gěněp pěrkara keneh, toer kapan lamoen ka Goestina ěnja kitoe maděpna nintjak oegěran anoe gěněp, atoeh ka papada kaoelana oge nja kitoe keneh, da koedoe lajeut tea teu meunang pasalingsingan, pratingkah ka kaoela teh eta njatana soejoed ka Goesti. Tah tangtoe komo ka bodjona mah, moal boa deui, bakal aja dina kalangan anoe gěněp tadi, ngaboektikeun soemoedjoedna ka Goesti tea. Geuning tjeuk toekang tjarita mah lamoen oerang hajang njaho koemaha maděpna hidji djělěma ka Pangeran, ka Goestina, atoeh intip bae sing tělik koemaha njanghareupna hartina: pětana, atina, taladjakna, djeung angkeuhna ka papada noe gělar, ka sasama doemadi tjeuk Djawana mah. Oepama istri paměgět geus ngagěm pakěm eta oegěran noe gěněp keur ka Pangeran tea, moal něpi ka teu lajeut, da teu aja pisan mentjogna.
Ari eta babaran hidji-hidjina kětjap, koemaha wědina, koemaha asihna tea, montong diboeka deui koe ama, da geus pada těrang, koe eulis oge geus katalar. Ngan tjinděkna: anoe djadi istri montong ngarěpkeun ditarima iman koe Pangeran, lamoen teu iman ka salakina ka papada kaoela, kana wadjibing kaistrian, atoeh lalaki nja kitoe keneh!”
Nji Rara Timbangraras toengkoel bae ngadangoe piwoeroek ramana teh. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .
(Tjěntini beunang njoetat tina Poesaka Soenda
taoen 1926).
NOE AJA DINA PARIRIMBON.
Asihan.
Lian ti dina tjonto-tjonto anoe geus ditataan ti heula, pangaroeh Djawa teh kapanggih dina asihan deuih. Lamoen oerang rek něpoengan kikindeuwan, memeh djoeng indit, koedoe mandi heula