Lompat ke isi

Kaca:Kasoesastran Soenda II.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
66

widjiling ngatapa, tědaking andana warih, anom dasare karěngga hing boesono, mila dadia pandjanging kakidoeng, pilih wanodya hingkang datan kasamaran mijat warnane paněngahing Pěndawa; haloesing boedi toer prawira hing ngajoeda, mila kinasihing iboe-rama, minangka sěsěkaring pradja hing Ngamarta.

Atoeh kětjap-kětjap anoe biasa dilisankeun koe dalang: tedja-tedja soelaksana; poerwa-daksina; mantjala poetra-mantjala poetri; bapa maling kalěbon; mangga-poelia djeung rea-rea deui. *

NOE AJA DINA SOERAT.

 Poenika hingkang sěrat sajoegya kondjoeka hing pandjěněngan Dalěm Padoeka Kangdjěng Goesti Kangdjěng Dalěm Toeměnggoeng hingkang hanjakrawati saha hingkang apilěnggah hing datoelaja paněgari Anoe.

  Satoehoesing sěrat hing ngawios, kawoelanoen djisim abdi oendjoek oeninga, sarehning geus nampi noewala paparin Dampal Goesti sarěng katoepiksa sadajana. Haprakwis Dampal Goesti ngadawoeh hojong matjangkrami linggih ka pakawisan djisim abdi, eta oendjoek djisim abdi sakalintang-lintang sae, sangět ngadjadikeun bingah hamarwata soeta ka djisim abdi kaoelanoen.

Kering hingkang sěmbah soedjoed abdi
dalěm hingkang sětya toehoe
poen Anoe.
(Tjonto-tjonto soerat anjar).


Tjonto anoe bieu teh, salah sahidji soerat anoe kapanggih dina ,,Tjonto-tjonto soerat anjar''.