Lompat ke isi

Kaca:Kasoesastran Soenda II.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
68

POEPOEDJIAN:

Hajoe batoer oerang dikir,
nja dikir malěm Djoemaah,
soegan pareng nabi tjalik,
gandjaran di sawarĕga,
aloes ati bisa ngadji,
bjar padang bjar tjaang,
tjaangna salawe isoen
..................................................................

 Bangsa sěpoeh mah, saoetak-saeutik teh tara tinggal ti djampe pamake, koedoe bae mapatkeun djangdjawokan atawa asihan kinasihan. Tjontona:

PANGABARAN.

Bismillahirrohmanirrohim.
1. Sang Ratoe Galoeh, tjahja ikoe njawa isoen, moedik batara, batara nagara lana, batara naga piroesa, boejoet pongpong boejoet songsong, sang ratoe radja montjorong, ngareret ka wetan, retna manah.
2. Asihan aing siboeroeng poendoeng, boeroeng keujang boeroeng boetjang, oraj laki ti pandeuri, badak galak datang děpa, maoeng poendoeng datang loenggoeh, laillah hailallah (dipapatkeunana tiloe kali).
3. Seuneu hoeroeng ti djaoehna, angin tarik ti djaoehna, ale hare kaparepe, singlar siděm ngadoe haroe, koela dina sir kapĕndĕm kaboengkěm, koe awaking sadjagat kabeh.
...........................................................
4. Karěp sira mětoe saking ati poetih goeda maja, mětoe saking baja poerbakawasa, mětoe saking ati poetih poerbakawasa, mětoe saking djadjantoeng poetih ati sia mati, baja sia mati, hamproe sia mati, lailah hailallah.(Dipapatkeunana tiloe kali) .............................
................................................................... dj.s.t.