69
KAHEMĚNGAN
1. Angkat Allah leumpang djeung Allah, diiring koe Rasoeloellah, salallahoe ’alaihi wa sallam, ismoe toempěng hadji měněng himěng-himěng, sira awaking.
2. Ini sirěp aing sikaroentjang, pineuh boegang koedang aing, rěp sirěp aing, matana sidjoerigdjana, sidjoerigdjana arane boegang.
3. Tjlak herang karatjak herang, toengtoeng herang maja rarang, indoeng sia tjatjan djadi, bapa sia tjatjan aja, diais koe wali koening, diěmban koe sang laboeana, ngaran sang kama asih, asih ka awaking sadjagat kabeh.
4. Asihan aing wěrat sadjagat, naga paběloet djeung bajoe naga, pabělit djeung angan, asmirah panoetoep hoerip eukeur seuri djeung pasisi, keur soeka djeung samenak, asihan aing djatining semar.
5. Sabda himěng kahiměngan djoeroedjana, djoerigdjana ti boeboedak, djoeroe paling ti leuleutik, barang tjokot pakokolot, datang soeboeh sia boeroek, datang sore sia paeh, bajoe leuleus bajoe leumpeuh, ah leumpeuh koe pangawasa aing.
- ....................................................................
DANGDAN.
Pětěngkoe satjiploekoe, goeloekoe saliang djaroem, sikamanala sikamaija, kěs ringkěs kaparingkesan akoe, nini sěra sati, aki sěra sati, djaloek doa padang ati, kěs ringkěs bisa noelis bisa ngadji, ngadji soteh sadjěroning ati.
- ....................................................................
OEPAMA REK NEMBANG.
Isoen anibakeun oeloek-oeloek pasonari, niba kajoe ragas, niba batoe běntjah, niba sagara saat, niba tjoepoe manik asta gina oerang dieu oerang lěmboer, ngadenge aba sowarakoe, kadipingit děg njěr samangěr, pinggan