Lompat ke isi

Kaca:Kasoesastran Soenda II.pdf/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

90

sanadjanna takdir Jang Widi,
něpi ka toetoelisan,
kalam di lohmahpoed,
tansah mikir kalahiran,
loemrahna teh děmi pisah djeung noe asih,
noe kari njeungtjeurikan.

(Mitra noe tani XIII).

 Biasana poepoeh dangdanggoela teh dipakena geusan ngagambarkeun mamanis atawa kagoembiraan, oepamana: karěsmian alam, karamean pesta, biantara di noe rendengan djeung sapapadana.

 Ari: kaprihatinan, kananglangsaan, katoegěnah djeung kapeurih hate mah, ilaharna gělarna dina poepoeh: Maskoemambang, Gamboeh, Wirangrong djeung salian ti eta, lain dina poepoeh Dangdanggoela.

 Ajeuna oerang nitenan atoeranana ngabagi-bagina pasal noeroetkeun padika kaajeunakeun, sanggeus Kasoesastran Soenda kasosok koe pangaroeh Koelon.

 Oepama koe oerang dipapaj, tanwande bakal atra kanjahoan, jen tjarita-tjarita atawa dongeng-dongeng anoe gělar dina basa saladjoer teh, dibagi-bagi djadi sababaraha pasal, sarta saban-saban pasal aja djoedoelna, anoe netelakeun eusina eta pasal-pasal tea. Djadi noeroetkeun padika kaajeunakeun, dimana oerang moeka boekoe teh, djol-djol ebreh bae babagianana tjarita teh, da poegoeh ditjirian koe djoedoel-djoedoel tea. Geura ieu tjontona:

Boedak Timoe beunang masieup R: Satjadibrata.

Pasal ka I: Neangan gambareun.
Pasal ka II: Njoektjroek rasiah si Imoe.
Pasal ka III: Di imah toekang pintoe
Pasal ka IV: Si Imoe alias Ati.
Pasal ka V: Pěrdjangdjian.
Pasal ka VI: Matak poetoes pangharěpan.
Pasal ka VII: Minggat.
Pasal ka VIII: Koemaha behna bae.