ka poen anak anoe němbe djatoekrami,
tina seep nja doa,
Wantoe-wantoe njorokna ka wargi,
ka pětjilna poen adi toer sobat,
sobat dalit noe sahate,
sakasoeka-kabingoeng,
lir djeung doeloer noe pět koe hinis,
ajeuna katalian,
koe njorokeun soenoe,
noe mawi seep nja doa,
moegi-moegi aja barkah koelawargi,
pandjang-poendjoeng djodona.
Aeh Oedjang Ama rek pepeling,
tina bangět Ama Iboe mělang,
ka Oedjang sok sieun měleng,
koe Oedjang sing kamaphoem,
jen Oedjang teh geus boga wadjib,
nja eta pamadjikan,
toer kadoa sěpoeh,
djadi lain deui pisan,
djeung keur Oedjang ngan saoekoer ngoeroes diri,
memeh taja kabeurat.
Koedoe mikir beurang reudjeung peuting,
pikeun ngoeroes pamadjikan awak,
oelah koerang dahar pake,
prabot imah sing tjoekoep,
sadjamakna noe laki-rabi,
da moenggoeh pamadjikan,
lamoen teu katjoekoep,
loemrahna osok maroedah,
těmahna teh sok baroentak laki-rabi,
oelah koerang ihtiar ......... d.j.s.t.
(Baroeang ka noe ngarora, karangan
D. K. Ardiwinata).