Ieu kaca geus divalidasi
95
- Beh lěbakna tembong dina lamping,
ngarěnggěněk moal boa Ngamplang,
ka mana-mana kasohor,
těmpat rěsmi toer lindoek,
didjaroegdjoeg ti mana-měndi,
koe noe ngadon titirah,
ngarah hawa goenoeng,
matak sěgěr kana badan,
matak djagdjag ka sakoer noe hoedang gěring,
noe matak kaseundeuhan.
- Beh lěbakna tembong dina lamping,
- Reret deui kana pasir-pasir,
lolobana pinoeh koe kontrakan,
noe bakoe kontrakan ěnteh,
kakajon tingroenggoenoek,
roepa-roepa warnaning kai,
tjamara reudjeung mala,
djeungdjing reudjeung gintoeng,
pasělang djeung kingkilaban,
tingharělab daoenna katěbak angin,
siga noe ngagoepajan.
- Reret deui kana pasir-pasir,
- Tambah lila beuki kělar ati,
beuki antěng njawang padataran,
kahibaran lajoeng koneng,
Tjimanoek tambah loetjoe,
oela-ileu teu pati sidik,
doemeh geus meh reupreupan,
liwat toenggang goenoeng,
halimoen ěnggeus mindingan,
ngahalangan noe keur pogot sono asih,
měgatkeun kani‘matan.
- Tambah lila beuki kělar ati,
Barang geus harieum beungeut, bring sarerea ka pangandjrěkan. Sanggeus ngobrol, brak sarerea dalahar. Teu lila antarana, geus ngagodjod disarimboet, ambeh boeroe-boeroe sare, da rek hoedang soeboeh-soeboeh.
(Soengkěman, beunang ngatoer R. I. Adiwidjaja)