Lompat ke isi

Kaca:Kasoesastran Soenda II.pdf/97

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

96

. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . Ajeuna oerang nitenan basana, koemaha kahananana, sanggeus Kasoesastran Soenda keuna koe pangaroeh Koelon.

jonto-tjontona:
I

Hidji baboe keur ngoembahan piring, raheut koe běling sěsěmplekan piring. Raheut leutik, estoe mokaha pisan. Tapi heuleut sawatara djam, raheutna bareuh sarta manehna ngarasa tingsariak teu ngeunah badan, nirisan kawas moeriang. Beuki katjida njěrina, něpi ka kapaksa koedoe titirah ka roemah sakit. Doea poë antarana, aja bedjana maot. Tjek katĕrangan doktor mah lantaran infectie (awakna kaasoepan djaram).

(Alměnak Soenda taoen 1941).

II.
Bal kěpoek.

,,Kalang bal kěpoek"......... Kalang hareup, kalang kěpoek djeung kalang djang-djang didjieunna koedoe koe tambang atawa kapoer, komo kalang hareup djeung kalang kěpoek mah pĕrloe pisan, soepaja tetela. Balna koedoe bal kasti, meunang oge bal tenis, tapi ari keur kolot mah koedoe bal kasti bae. Kai pangěpoek roebakna 10 cm, pandjangna 30 cm sarta panjěkělanana pandjangna 20 cm......dj.s.t.

(Toedoeh djalan pikeun pangadjaran ngobahkeun
badan di sakola handap).

III
Tawěkal.

,,Rasa kaoela gěde keneh pangharepan kana tjageur deui", tjek doktor sanggeus ngalaha leungeunna Goena Paradja anoe potong