97
tea, dipěrban djeung dioebaran:,,tapi papada tjageur deui oge, moal bisaeun deui barang gawe tjara biasa, mětakeun kampak atawa poengka-pangkoe anoe beurat-beurat".
Sarminah tjeurik bari njoesoetan kesang tina tarang salakina, ari indoengna --nini Maksoedi gawena ngan sasambat bae ka Noe Maha Kawasa, njoehoenkeun pitoeloengna, sangkan diraksa tina kasangsaraan anoe bakal kasorang.
Maksoedi sanggeus nitipkeun bapana ka indoengna, toeloej aboes ka kamarna; di dinja geus sadia kopěr wadah papakean djeung boekoe-boekoe bawaeun ka sakola...........dj.s.t.
(Manoek hiběr koe djangdjangna-
R. Ganda Adiněgara).
Kětjap-kětjap wědalan koelon, anoe gělar dina basa lantjaran, sakieu oge sakalieun tjonto mah, tjoekoep, da poegoeh ari pěta tea mah, moen seug dikoempulkeun kabeh, tanwande aja saboekoeëunana, tina koe loba-lobana.
Papantjen: Neangan deui tjontona kětjap-kětjap wědalan koelon, anoe geus dianggap djadi basa priboemi sarta geus ilahar dipake dina hiroep koemboeh sapopoë.
Anoe gělar dina dangding.
I
. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .
Sarĕng moegi-moegi deui,
dina sasih Sawal tea,
běnoeman abdi teu geseh,
djadi goeroe bantoe tea,
kenging tempat noe ngeunah,
noehoen-noehoen ge di Bandoeng,
atanapi di Tjiparaj.
(Wawatjan noe kaleungitan tjaroge,
karangan R. Bratakoesoema).