ngadadak teu cageur ingetan. Sok sumawonna make boga karep ngalawan tea ka dulur kolot, nu aya teh dumaregdeg, karunya.
Tapi Subali dileuleusan teh lain milu leuleus, kalah napsu cara anu karanjingan setan, kerewek Sugriwa ditewak, teu ngalawan, digubag-gabig digebot oge, da nyangka dulur keur teu eling tea. Antukna, ana keleweng teh raja Sugriwa dipangpengkeun, jauh pisan, ragrag di mumunggang gunung Maliawan, nyangsang kana tangkal asem nu akarna wungkul sagede-gede dungkukan gajah.
Nenjo rajana kokoleangan di langit, saayana ponggawa mantri balad-senapati monyet riab ngarudag, nyusul Sugriwa, diluluguan ku Anoman jeung Anila. Atuh nagara teh kosong, ngan kari awewe bae.
Sugriwa ku Anoman jeung Anila dibawa turun tina tangkal asem, digarugulung ku Jambawan jeung Pututmenda, pangasuhna keur leutik, nya eling tina kapaehanana.
Geus eling pisan, sarerea badani pilakueun. Putusanana, moal rek dilawan Subali teh. Saperkara dulur kolot, ka dua jiga lain ambek samanea, kawas-kawas aya anu ngangsonan, mun lain kasurupan iblis mah. Ka tilu, ari dipikir-pikir mah hayangeunana ka Dewi Tara teh enya kudu Subali anu meunang buruhan ti Batara Indra teh, lain Sugriwa.
Najan kitu, keukeuh ari hate mah ngageremet, hayang terang saha anu ngangsonanana. Tah ka eta arek males teh. Lain samales-malesna, ieu mah minangka nibankeun hukuman ka jelema julig.
Cindekna, sagala rupa anu tumiba ka Sugriwa teh dianggap dodoja bae, ditarima jadi hikmat, sugan pijalaneun kamulyaan di akhir.
Geus kitu mah tuluy Sugriwa ngababakan di Maliawan, sasatna ngabukbak leuweung nyieun nagara anyar. Kabeneran palebah dinya mumunggang teh rata, meujeuhna pisan dijieun dayeuh caina cur-cor hirup, turug-turug leuweung sakuriling-bungkina pinuh ku bubuahan, moal matak sangsara monyet.
Sugriwa tetep-tumetep di Maliawan.
Malikan carita urang kocapkeun Subali.
Geus nenjo saayana monyet malabur mah, hatena sugema.