Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/101

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Geblus ka karaton, nyampak Dewi Tara katut badega-badegana.

Moal rek dipanjangkeun carita, Dewi Tara anu henteu bisa polah teh, kieu bingung kitu bingung, teu daya teu walakaya, kapaksa nyerah jadi putri boyongan, dipigarwa ku Subali anu terus ngajenengkeun maneh, jadi raja Kiskenda, nyandingkeun Dewi Tara (urut adi-beuteungna) jadi prameswari. (Dina lalakon “Batara Rama” kacaritakeun geus boga anak, nya eta Anggada, nu tuluy dikukut ku Sugriwa).

Sosobatanana jeung Rahwana henteu pegat, malah tambah dalit.

Sigeug heula.

Geus jauh pisan aya seler-lalakon anu tinggaleun, katunda dumeh kapegat ku seler-seler lalakon lian. Mangkaning nu ieu mah kacida pentingna; sasatna nya seler-lalakon ieu pisan anu nuluy manjang sinambunganana teh, nya eta nyaritakeun . . . . Dasarata.

Bisi poho deui, hade dibalikan saeutik, yen eta Dasarata teh putra pandita Wimana ti Dewi Tunjung, putri nagara Mantili, rundayan keneh Danuja.

Basa ku urang ditinggalkeun, Dasarata teh ti patapanna di gunung Dandaka keur aya di Ayodya nangtayungan alomisanna, putri Kausalya alias Sukasalya atawa sok disebut Ragu. (Malah dina padalangan mah leuwih populer sesebutan "Ragu" batan Kausalya atawa Sukasalya).

Harita teh geuning ngayonan jajaten Rahwana beda ti nu lian, lain dilawan ku kadugalan ngadu tanaga, tapi ku muslihat, nya eta Dewi Ragu disumputkeun, dihilian ku Ragu palsu, ciciptan tina kembang susubal gelung putri.

Rahwana pohara ambekna ka . . . . para Dewa, dumeh asa dibobodo teh ku Dewa. Nya tuluy geuning ngarurug sawarga, ninggalkeun Ayodya, sabada gegempur ngabudalkeun amarah.

Sajungna Rahwana, di Ayodya aya pesta. Saperkara ngawinkeun Dasarata ka Ragu, kadua ngistrenan Dasarata jeung Ragu jadi raja jeung prameswari Ayodya. Alhasil, Ragu teh lakian ka paman-misan.

Ari nu matak karajaan ragragna ka Dasarata (dulur misan Banaputra), dumeh Sang Banaputra putrana ngan hij-hijina nya

99