eta Ragu Kausalya tea, turug-turug Dasarata teh anu nulungan Ragu.
Cindekna, ragragna karajaan Ayodya ka Dasarata teh henteu ka deungeun, tunggal keneh rundayan raja agung sabar adil pala- marta, wantuning aya terah pandita. Ku sasama raja, dipisepuh dijarieun panarosan.
Kabeneran deuih, Rahwana rereged dunya teh eleh ku Arjunasasrabahu tea, sarta digantungan sumpah, yen baris hirup bageur, jadi harita teh jagat aman, repeh-rapih subur-makmur, teu aya alatan pacogregan.
Nepi ka lebah dieu, lalakon Arjunasasrabahu — nu gegedena mah lalakon Rahwana — tamat. Dina tingkesan di Juhur ngan dijojoan anu pohara perluna bae. Tangtu kaharti, upama tina buku anu kandelna sababaraha ratus kaca diringkes jadi sawatara likur kaca teh lain meumeueusan anu "dipiceunanana”. Najan kitu, ari pokona leunjeuran mah henteu mengpar meueus-meueus acan.
Ti lebah dieu lalakon teh disambung ku Ramayana, atawa, cek urang mah ’’Batara Rama”.
(Dina ”Dasa Wisnu Awatara”’, nitisna Wisnu ka Arjuna Sastra Bahu teu kacatur. Rupina bae, ieu mah rekaan Bujangga Jawa).
II. Ramayana
Ieu buku dikarang ku Walmiki, bujangga di nagara Ayodya, pohara kandelna, panjangna 24.000 sloka1) dibagi-bagi jadi tujuh bagian, nyaritakeun ti jaman Dasarata bubujangan keneh, terusngeureuhaan ka Ragu (Kusalya = Sukasalya), Kaikeyi (Kekeyi) jeung Sumitra; nganggeuskeunana lebah Batara Rama jadi deui Wisnu, sabada kaleleban ku Sinta anu mulih ka jati mulang ka asal, asup kana taneuh (Sinta asalna ti jero taneuh; Pertiwi).
Anu aya di urang ngan lima jilid, nya eta ti jilid I] nepi ka VI, ti mimiti dibabarkeunana Sri Rama nepi ka mulih deui ka Ayodya. Salinan basa Sundana oge nya kitu, ngan aya 5 jilid2) Sanajan
1) Sloka = pada, 4 ungkara.
2) Asalna aksara Sunda yasana R.A.A Martanagara, disalin ku Balai Pustaka kana aksara Latyn.
100