Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/103

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kitu henteu matak kagok, sabab ari jilid I jeung VII asli mah saenyana henteu jadi wijina nu dilalakonkeun, malah aya nu nyangka, yen eta I jeung VII teh saenyana mah dikarangna oge pandeuri, sabada tamat lalakon Batara Rama nu asli, da anu jilid ka I mah nu dicarioskeun teh lalakon rama Batara Rama, ari jilid ka VII lalakon para putrana (Kusa jeung Lawa), jadi sasat ngan pikeun pangeuyeub-ngeuyeub wungkul.

Numutkeun pamendak anu palinter, di antara pustaka anu tilu (Arjuna Sasra Bahu, Ramayana jeung Mahabarata) teh ngan Ramayana anu punjul kaluhungan palasipahna, sagala sing sarwa lemes tur limit, mun di jalma mah ampuh lungguh andelemi tur sagala jatnika, beuki heubeul matak beuki deudeuh, tambah lila matak tambah nyaah; lir dewangga anu leuleus tapi liat ipis tapi lemes. Cek ahli palasipah, Ramayana teh leuwih deukeut adekna kana kalemesan rasa.

Arjuna Sasra Bahu jeung Mahabarata oge teu kurang picontoeunana sarta lain pustaka handap-handap ngan dina “legeg” mun jalma mah aya bedana. Mahabarata aya sari gagah jeung rosa, aya sari berag jeung beuki nyarita.

Duka naon lantaranana, Ramayana mah henteu aya sempalanana [1] caritana teh ngagebleg dina buku nu 7 jilid bae (di Sunda 5 jilid). Sok rajeun oge aya sawatara “Wayang” dina lalakon Ramayana nu kacorok atawa kacampurkeun kana Jalakon “sempalan” tina Mahabarata, milu kawayangkeun jeung Pandawa atawa nu lianna nu sajaman jeung Pandawa.

Kajadian sarupa kitu, pikeun nu terang kana kasusastran pawayangan mah matak teu kaharti, sabab kajaba ti pohara Jawasna kaselangna ti jaman Rama ka jaman Pandawa teh,[2] sakur nu sok dipake "nyorok" lalakon teh geus maraot di jaman

101
 
  1. ↑ Nu dimaksud sempalan didieu, nya eta nyokot sabagian tina lalakon poko, diguar katut unak-anik bubuk-leutikna, direka mangrupa buku.
  2. ↑ Wisnu nitis ka dunya 10 kali. Mimiti jadi lauk, nyieun manusa-cikal; ka 2 jadi kuya; nawu; ka 3 jadi babi ngagandong dunya; ka 4 jadi Narasinga; ka 5 jadi jalma kate; ka 6 jadi Parasurama; ka 7 jadi Rama; ka 8 jadi Kresna; ka 9 jadi Buda; ka 10 jadi Kalki.... baringsupagi tumpak kuda bodas ngaharjakeun dunya. Dina “Dasa Wisnu Awatara” teu aya Arjuna Sastra Bahu. Ieu mah rekaan Bujangga Jawa.