Rama keneh, kayaning: Kumbakarna, Indrajit, Prahasta, Trisirah, Trikaya, Rama, Anoman jeung jaba ti eta, upamana bae dina lalakon; Gatotkaca-Rabi, Duta Warna, Sumong, Partawigena, Manonbawa, Makuta Rama, Sawarga Bandang jeung sawatara deui dina pajamanan Pandawa.
Kajaba ti sawareh geus paraeh dina perang Alengka teh, nurutkeun itungan mah henteu bisa jadi upama "Jaman" Rama babarengan jeung "jaman” Kresna; sabab ti Rama ka Kresna teh jamanna aya ratusna taun. Dina jaman pupusna Rama (mulihna Wisnu ka Suralaya) boro-boro geus aya Arjuna atawa Kresna, Abiasa oge eyang Pandawa jeung Kurawa acan dibobotkeun- dibobotkeun acan.
Pangna sok rajeun "pacorok" antara nu ngalalakon dina Ramayana jeung Mahabarata teh numutkeun ahli ngulik nu jembar kauningana mah taya lian jaba ti kumawasa atawa bumi- sana nu ”ngaduk-ngaduk” bae, sabab dina aslina mah, boh Rama- yana, boh Mahabarata teu aya nu pacorok.
Tadi di luhur diterangkeun, yen sempalan Ramayana nu mangrupa buku mah teu aya. Sanajan kitu, lantaran lalakon anu, "ngagebleg" mah pohara panjangna, biasana tara tamat sapeuting; ku dalang sok dijieun sawatara peuting. Lamun teu kitu sok "dibobok-tengah” dicokot raramena. Nurutkeun padalangan di antara nu sok dipake "ngabobok-tengah" tea, upamana bae salah sahiji ti antara ieu: 1. Bedahna Ayodya — 2. Carogeanana Kekeyi sareng Sumitra ka Dasarata — 3. Babarna Sinta, Brata jeung Senggana (Anoman) — 4. Ragawa-Rabi — 5. Rama nilar karaton — 6. Rama di Maliawan — 7, Rama Tambak — 8. Anoman diutus — 9. Anggada diutus — 10. Bukbis (balad Rama disirep, Rama jeung Lasmana diboyong) — 11. Pupusna Trikaya — 12, Pupusna Trisirah — 13. Pupusna Kumbakarna — 14, Pupusna Megananda (indrajit) — 15. Pupusna Dasamuka1) — 16. Rama Kondur.
Minangka lalakon anu teu ka ditu ka dieu, dina padalangan aya lalakon "Rama-nitis", sumurup ka Batara Kresna. Ieu teh
1) Di Pasundan upama "ngabobok-tengah" teh rereana dalang sok nyokot lebah dieu. Awahing ku dipikaresep, nepi ka aya nu ngaluarkeun guguritan ”Ceurik Rahwana”, "Nangis Banondari” jeung "Nangis Wibisana".
102