Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kawasna mah malulu karangan dalang bae, sabab dina kanda India mah Rama teh *muksa” bada Dewi Sinta lebet ka jero taneuh jadi deui Pertiwi, tuluy Rama labuhgeni, mulih ka sawarga jadi deui Wisnu, nilar dua putra, Kusa sareng Lawa. Ari gelarna deui ka dunya nitisna teh lain ka "Batara Kresna Prabu Dwaraka" tapi ka orok nu dijenenganana "Narayana".

Orok Narayana lain Batara Kresna. Eta lalakon "Rama Nitis" dina padalangan, pohara pabentarna jeung lalakon dina padalangan keneh nu judulna ’Dibabarkeunana Narayana, Kakrasena jeung Arjuna”. Ieu mah leuwih deukeut kana pustaka aslina.

Jaba ti eta, cek padalangan mah Sinta teh magar putra Dasamuka nu dipalidkeun ku Wibisana, dihilian ku orok lalaki ciciptan tina mega (Megananda = Indrajit). Orok nu dipalidkeun teh cenah kapanggih ku Prabu Janaka. Pangna dipalidkeun, dumeh awewe, dianggap moal pibisaeun nuluykeun jumeneng raja. Hal dipalidkeunana teu bisa jadi, sabab pulo Alengka (Lanka = Ceylon) ayana di kiduleun India ati Mantili (dina basa Sanskrit: Mitila) mah tanah maneuh di beulah kaler. Nurutkeun Ramayana, Sinta teh saenyana Pertiwi, garwa Wisnu, ayana di dasar bumi. Waktos Wisnu nitis ka Rama, Pertiwi oge kaluar ti jero taneuh jadi orok, kapendak ku Prabu Janaka nalika ngawuluku, malah kaluarna oge tina tapak wuluku.

Dina umumna, lalakon "Ramayana" teh leunjeuranana mah meh henteu aya pisan gesehna tina salinan R.A.A. Martanagara dina basa Sunda meunang nyalin tina "Serta Rama" yasana R. Ng. Jasadipura, basa Jawa.

Raehanana, di ditu di dieu aya bedana, malah aya gesehna tina basa Jawa-na. Tapi hal eta henteu ngurangan sumawonna ngarobah kana wiji jeung jerona lalakon.

Ari ieu tingkesan di handap tina Ramayana, ku simkuring diembohan ku "bagian I" tea. (Sakumaha anu diterangkeun ti heula, bagian I jeung bagian VII mah kawasna dikarang teh sabada nu aslina bagian II nepi ka VI tea). Namatkeunana oge diembohan deui bae ku bagian VII.

Upama dititenan, ku nu maos baris katangen, yen sawatara sempalan dina bagian I kungsi kacaritakeun dina Arsjuna-Sasra-

103