Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Bubur nu tilu piring ku para prameswari diseepkeun kari sapiring deui. Piraku dituang ku raja, apan raja mah pameget. Nya tuluy ku Dasarata dipaparinkeun ka Sumitra.

Kajadianana, Kausalya putraan Rama, Kekeyi putraan Barata1) ari Sumitra anu tuang bubur dua piring, putraan Las- mana jeung Satrugna. Opat putra pohara layeutna.

Sigeug heula.

Kacatur Dewi Sri geureuha Wisnu, Sang Dewi perlu nitis, lumungsur ka dunya tumut ka caroge. Ari carana rada aneh.

Hiji mangsa raja Janaka di nagara Matila (dina padalangan: Mantili, supaya teu kaweur, dina ieu tingkesan ge saterusna rek ditulis "Mantili" bae) ngabangbrangkeun manah dumeh sumpeg, palay kagungan putra. Anjeunna pangangguran ngawuluku.

Dewi Sri — ngawasa taneuh jeung pepelekan — ningali Sang Raja ngawuluku teh, ngan selesep bae nyelapkeun anjeun kana pijalaneun lanjam. Atuh barang wuluku narajang ka palebah dinya teh, ngan borengkal bae ti jero taneuhna aya orok awewe kasungkal, rupana bodas mani ngeplak.

Orok ku Janaka dirawu bari atoh, dingaranan Sita (hartina bodas. Dina padalangan biasa diunikeun Sinta. leu oge saterusna urang tulis Sinta bae).

Lucuna teh, ari geus "mulung" Sinta, bet prameswari ge putraan istri, namina Urmila. Eta dua putri dirorok bareng jeung duaan saderek misanna, nya eta Mandawi jeung Suktrakitri.

Malikan deui carita.

Rama, Barata, Lasmana jeung Satrugna di Ayodya sadudulur lulus-mulus pisan. Ani apetna, kawas anu papasangan, Lasmana apet ka Rama, ari Satrugna ka.Barata. Para putra diwuruk elmu- elmu kaluhungan, diwirid kanarpatian bari teu kendat dilatih bab kaprajuritan jeung kaprawiraan.

Hiji mangsa sanggeus para putra ngangkat sawawa, aya pandita Wiswamitra ngadeuheusan ka Dasarata, neda ditulung hayang dipangbasmikeun buta-buta balad Rahwana anu sok ngaruksak patapaan jeung ngaganggu nu keur tapa, babakuna anu dilulunguar

1) Barata ieu Jain luluhur Pandawa/Kurawa.

107