Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Dasarata lain dikieuna kagetna, tuluy nu kapanah teh disampeurkeun. Sihoreng budak ngora ahli tapa, keur mangalakeun cai pikeun indung-bapana anu lalolong, teu mireungeuh. Samemeh hos, tukang tapa teh kaburu ngabejakeun indung-bapana, pamatuhanana, lebah-lebahna, kaayaanana. Teu dicatur to- tobatanana Dasarata, sarta tukang tapa tea sadrah ngahampura.

Mayit budak ku Dasarata dibawa ka kolot-kolotna. Indung bapa anu lolong tea puguh bae lain dikieuna sedih jeung susahna, sarua bae jeung dititah maraot lalaunan. Kusabab eta, duanana geus teu seja hirup lila-lila, gilig arek labuhtumangan, milu dibeuleum hirup-hirup jeung mayit anakna.

Sanajan Dasarata jangji niat terus ngarawatan eta indung bapa, tapi kolot-kolot teh keukeuh bae milih labuhgeni.

Ku Dasarata dipangnyieunkeun durukan. Samemeh laluncat kana seuneu, bapa budak teh turun heula supata, yen isuk jaganing pageto Dasarata bakal maot kaleleban ku anak, sabada gering ngageuyeunggeung salila-lila. Nyerina hate indung bapa anu anakna dipaehan deungeun, geus moal aya papadana. Dasarata bakal ngalaman kanyenyerian, dumeh anakna disangsara deungeun.

Sabada ngedalkeun supata kitu, kolot-kolot teh laluncat kana seuneu. Kari Dasarata anu olohok bengong kareureuwasan ku panyapa eta aki-aki.

Sakitu dongeng Dasarata ka Ragu jeung Sumitra, ditungtungan ku ucap: ”’Nyai, bojo akang, panyapa eta aki-aki nya ayeuna pisan tumibana. Kanyerian hate engkang ditinggalkeun ku Rama, geus moal cageur ku naon-naon, jaba ti ku nenjo Rama jadi raja, diparek ku para gegeden Ayodya. Kasakit geus lain rasa-rasakeun- eun, Emh Rama, goreng teuing bagja maneh. Emh Sinta, nu satia, padahal maneh teh putri raja agung. Lamun balik teh ka Mantili, tangtu disenangkeun dimulyakeun, moal kudu sangsara nutur-nutur salaki nu dikaniaya ku batur. Emh Lasmana, muga kasatiaan maneh ka lanceuk sing diganjar ku para Dewa. .. . Rama. Rama ...,Rama....

Dasarata pupus dina panangan Ragu jeung Sumitra. Pupus dina kanyerian kalbu anu taya babandinganana. Nagara Ayodya nguyung dikukudung liwung. Pangeran

113