Tapi Rama najan dikareukeuhan oge teu kersaeun, dalah didongdolek diceplak-pahangkeun ku hiji pandita ngaran Jabali, Rama tetap bae teu kersaeun mulih, margi ngaraos parantos kapambeng mileuweungan sarta moal hade upama raja luncat-mulang jeung henteu hade upama jalma cidra jangji. Saur Rama: ”Lamun kakang balik deui ka dayeuh jadi raja, meureun ceuk rayat teh: "Rama mah dack soteh jadi raja, dumeh owel ku kalungguhan, tibelat ku korsi karajaan, lain dumeh nyaah ka rayat jeung kanagara. Daek soteh jadi raja, dumeh teu kuateun nandang sangsara di leuweung.” Lamun rayat geus kitu anggapanana ka raja, raja teh geus tangtu surud komarana, nyorosod kahormatanana. Ana raja geus nyorosod kahormatanana, rayat mah tigubragna teh kana geugeuleuh, nagara jadi kusut pasolengreh.”
Barata jeung sakur anu marapag di dayeuh geus weleh ngaririhan Rama. Saur Rama keukeuh kudu Barata bae anu jadi raja.
Tina keukeuhna kitu, Barata nyuhunkeun sendal Rama, pikeun perlambang, yen raja Ayodya teh Rama, ari Barata mah ngan darma ngawakilan sabot Rama tacan mulih. Sendal tea baris diteundeun dina singasana, minangka salira Rama ku anjeun, Barata mah tarima darma ngajalankeun timbalan Rama.
Geus kitu mah anu ti dayeuh baralik.
Lilalila aya di Citrakuta, Rama sok rajeun kasuat-suat, rusras ke ibu ka rama, ka Barata jeung Satrugna. Rama sok nangis kagagas manah. Tina sering teuing kasuat-suat, tuluy Rama pamitan ka Walmiki, palay dijurung neraskeun lalakon. Ku Walmiki diwidian, sarta disanggeman, yen iraha bae, dina kaayaan kumaha bae, eta para putra raja upama marulih deui ka Citrakuta baris ditampi kalawan kabungahan.
Rama jeung para rayi nuluykeun mileuweungan. Kungsi amprok jeung buta-buta begal nu ngaganggu, tapi kabeh diperen- keun. Malah kungsi amprok jeung buta Wirada nu sok ngahakan jalma, .ku Rama dipanah nepi ka paragat.
Sapuluh taun Rama leuleuweunganana, jol datang ka patapan pandita Agastya. Di dieu kantos guguru heula bari ngareureuh-