keun Sinta anu kacida repotna.
Ti Agastya, Rama nampi gondewa Wisnu, jamparing Brahma jeung wadah jamparing nu eusina tara aya seepna wasiat ti Indra.
Ti patapan Agastya, Rama nuluykeun lampahna, mileuweungan di alas Pancawati, nyieun imah poporogok di sisi walungan Godawari.
Di dieu Rama tepung jeung Jatayu, manuk garuda dulur Sempatai, sobat Dasarata. Eta dua lalaki, hiji awewe jeung hiji manuk hirup rukun sarta layeut pisan, silih belaan sapati-sahurip.
Hiji mangsa, adi Rahwana nu awewe, nya eta Sarpanaka, “ulin” ka leuweung Pancawati. Dasar buta tea bae, masing putri ge, indit teh saindit-inditna. Nya jol ka lebah Rama jeung Sinta. Teu era-raeun, Sarpanaka teh hayang dikawin ku Rama, tapi Rama teu kersaeun, da aya Sinta jeung, ah, manusa mah saha nu rek bogoh ka buta. Tuluy dituduhkeun ka Lasmana.
Lasmana oge nolak. Ari Neng Uta keukeuh malah keukeureuweut hayangna dikawin ku nu kasep teh. Keukeuh nu hayang, keukeuh nu embung, tungtungna Sarpanaka ambek arek ngamuk. Ku Lasmana ditewak, kalah rek ngerekeb. Kapaksa Lasmana nyabut peso, Sarpanaka dikeureut irungna nepi ka rampung, tuluy ceulina nepi ka rawing.
Sarpanaka biur ngapung bari ceurik, tuluy pupulih ke salah saurang salakina (salaki Sarpanaka teh tiluan), nya eta buta Kara.
Tuluy Kara ngumpulkeun para pamuk, ngajorag Rama, tapi kabeh buta ku Rama jeung Lasmana dibasmi teu aya nu nyesa.
Sarpanaka bebeja ka Rahwana, bari ngabibita lanceukna ku Kageulisan Sinta, nepi ka Rahwana uruy.
Rahwana tuluy badami jeung buta-jurig, Marica ngaranna. Marica kudu ngarupakeun kidang emas mata jambrut, tandukna mani buburinyayan. Kidang teh kudu nyampal ka deukeut gubug Rama. Sinta geus tangtu hayangeun dipangnewakkeun kidang tea, sarta Rama pasti kaluar ngudag-ngudag kidang. Dina mangsa ieu Sinta arek diiwat ku Rahwana.
Marica tuluy ngarupakeun kidang, ari Rahwana ngarupakeun Brahmana jajaluk, ngadeukeutan gubug Rama.
Teu nyalahan tina pangira. Sinta nenjo kidang aneh nyampal