Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/127

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

na ka Anoman, supaya ditepikeun ka Rama.

Sanggeus pamitan Anoman karepna rek balik, tapi bet jol ingetan ngajajal heula jajaten urang dayeuh. Harita keneh manehna tri-wikrama, ngajadikeun awakna gede, kakayon jeung gedong-

Rahwana katut para wargi jeung ponggawa mantri badami pilakueun, Hojahna rupa-rupa, malah rea anu pohara pisan kasar sarta resagna, upamana bae supaya Sinta dipaksa dipurugul ku Rahwana, keun salakina mah bagian balad, Tapi Rahwana henteu wani ari nepi ka murugul Sinta mah, sabab digantungan supata ku Brahma, Bareto, waktu ngawut-ngawut Sawarga tea, Rahwana kungsi murugul widadari, diperkosa nepi ka paeh. Harita keneh disapa ku Brahma, yen lamun sakali deni Rahwana papaksa ka awewe anu teu sukaeun, tah lebah dinya mah pasti puput umur, nepi ka ajalna, moal bisa mungkir deui. Ku kituna, ka Sinta oge ngan bati kumejot jeung gareugeut bari garegetna bae, murugul mah teu wanieun.

Tengah-tengah sora jeung suasana anu sakitu muntab-muntabna ngangsonan kana der perang, ari Wibisana mah lain deui haleuangna. Kahayang-Wibisana mah sabalikna, lain perang, tapi dami. Ari sababna, Rahwana teh salah, make maling awewe boga salaki. Leuwih hade geuwat dipulangkeun sarta menta dihampura ka Rama. Pikeun Wibisana, hal ieu teh lain urusan wani atawa teu wani, tapi urusan salah atawa bener. Ari kalakuan henteu bener tea awal-akhir sok aya wawalesna.

Pohara henteu adilna, upama balad jeung rayat kudu kababawa sangsara, ku dumeh raja bogoh ka hiji awewe. Napsu angkara raja henteu adil upama kudu ditanggung papaitna ku balad katut rayat anu teu mais teu meuleum.

Cindekna Wibisana beak-beak wawadina.

Tutas wawadi Wibisana, ingkang eyang oge Prabu Sumali ngahaturanan temahwadi, yen leuwih hade Sinta dipulangkeun, sarta urang tomada menta dihampura.

Ngadenge wawadi Wibisana jeung Sumali, Rahwana dina hatena mah pohara henteu panujuna, ngan teu wani ari ngabantah sapajodogan mah ka eyangna.

Bari jamotrot baeud, harita anu kumpulan dibubarkeun. Di-

125