Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/131

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Diwawadian kitu teh Rahwana lain ngagugu, kalah bijil napsu, gantawang nyarekan Wibisana bari ngagidir ambek, sorana ge mani handuruan: “Ieuh, Wibisana, naha sia teh kabina-bina teuing, siga lain ka dulur kolot tur jadi raja. Hayoh jor sia mantog, ulah isuk ulah pageto, ayeuna sia indit ninggalkeun nagara Alengka. Jung sia biluk ka musuh.

Aing teh deuleu, talunganan ngayonan musuh anu sidik tetela yen musuh, moal gedag bulu salambar, tapi ari dibaturan ku nu kieu patutna mah aing teu sudi, asa ngukut oray, sabot balangah, macok! Hayoh, jor indit, tuturkeun si Rama ku sia. Jung!”

Wibisana ngentab panas disia-sia bari ditundung kitu. Jung nangtung bari ngomong: ”Kakang, kuring teh ngomong kitu, bawaning ku nyaah ka kakang jeung ka balad, lain dumeh boga karep biluk ka musuh atawa mangmeunangkeun Rama. Satadina kuring niat bumela gumusti ka kakang. Tapi satia teu katarima, kalah kuring ditundung sapadamayan. Kakang, canggreud dina hate: Kuring indit ninggalkeun Alengka teh lain karep kuring pribadi, tapi ditundung ku raja, malah dititah biluk ka musuh, sanajan kuring hentu niat,

Kuring niat nyalametkeun raja jeung nagara katut rayatna, buktina kalah ditundung. Kakang, mangka cling: lamun engke Alengka bedah burakrakan, kuring embung kababawa disalahkeun. Kuring asa cukup ngawawadian, supaya ulah perang. Pileuleuyan.”

Sanggeus ngucap kitu, Wibisana sabaladna anu baris ngawang-ngawang mah tuluy ngapung ngajugjug basisir beulah ditu.

Nepi ka pasanggrahan musuh, meh bae Wibisana diraponan, hadena tuluy aya nu hideng, ngadeuheuskeun ka Rama katut Sugriwa.

Sabada nerangkeun sakur nu kajadian, akhirna Wibisana dianggap batur sakurungan ku Rama

Gancangna carita, Rama kalawan pitulung Baruna (Dewa Laut), nyieun tambakan anu nepungkeun tanah maneuh Hindustan jeung pulo Alengka. Balad monyet jeung buta batur Wibisana mareuntas.

129