Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/132

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Dayeuh Alengka tuluy dikepung (Ceylon/Sri Langka).

Di wetan Anila geus sayaga baris narajang barisan Prahasta. Di kulon Anggada taki-taki nyanghareupan Mahaparwa. Di kidul Anoman geus carincing baris ngagempur pangeran Indrajit. Di Kaler Rama pribadi baris nyanghareupan Rahwana. Musuh-lawan geus tarapti sabaladna-sabaladna, ngan kan prung ngadago tangara.

Najan kitu, Rama nyoba-nyoba sakali deui ngajurung utusan, ngajak ngabeberes pasendatan ku jalan rapih sarta dami. Tapi Rahwana lain nurut, kalah ka utusan tea meh-meh bae direjeng, hadena tangginas ngejat.

Geus karuhan Rahwana keukeuh hayang perang mah, Rama ge tuluy mere tanda narajang.

Nya harita breg bae Alengka diberedeg ti opat madhab. Perang pohara rongkahna sababaraha bulan, eleh-meunang ti dua pihakna baganti-ganti.

Sanggeus unggul jeung asor ruak-reok ka pihak musuh jeung lawan, tuntungna kaungegulan-ahir teh aya di pihak Rama, tur beunang disebutkeun, yen sakabeh senapati rempeg keneh, anu paraeh teh ngan monyet-balad bae jeung sawatara balad Wibisana.

Sabalikna fi pihak Alengka mah mani tumpur-ludes pisan. Patih Prahasta, sesepuh nagara, palastra ku Anila. Kumbakarna paragat ku Rama, Indrajit ku Lasmana. Para putra Rahwana jeung Kumbakarna kayaning Trimurda, Trikaya, Dewantaka, Narantaka, Kumba-Kumba, Aswanikumba, diperenkeun ku Sugriwa jeung Anoman. Para senapati lianna ku Anggada jeung batur-baturna. Panutupna Rahwana anu boga aji Pancasona tea teu burung paragat dipanah ku Rama. (Nurutkeun Salomons ku panah Brahma ti Agastya, tapi nurutkeun Martanagara mah panah teh Guawijaya).

Sapaehna Rahwana, Rama henteu tuluy kokomoan ngaranjah karaton, malah henteu-henteu acan nyampeurkeun Sinta. Ieu mah kalah Sinta anu disina nyampeurkeun di urut pangperangan.

Ani datang Sinta, anu nepi ka sataun dijieun bibit rebutan pati tea, bet sumawonna dirawu-dipangku atawa disambat-dihiap-hiap, Rama teh kalah tungkul ngeluk bangun alum, matak bingung sarerea.

130