Barang ditanyakeun ku Sinta sabab-sababna anu matak manehna henteu ditarima, jawab Rama teh: ”Anjeun teh enya pamajikan kuring tea mah, tapi geus sataun lilana aya dina kakawasaan musuh. Naha awak katut batin anjeun beresih keneh?”
Ngadenge pananya kitu, Sinta mani ngajerit, nya kaget nya nyeri. Sinta susumpahan, yen dina sajeroning aya dina kakawasaan Rahwana teh Sinta acan kungsi patoel-patoel acan jeung eta raja buta. Enya basa dirawu dibawa ngapung ti leuweung bareto manehna kungsi dipangku dibawa kana kareta jeung basa dina kareta kungsi direjengan, tapi harita teh da sateka-teka ngalawan. Cindekna Sinta susumpahan, yen dirina tetap beresih tina panggeugeuleuh Rahwana atawa lalaki nu mana bae.
Trijata (putra Wibisana ti Triwati) nu salilana ngaping Sinta oge susumpahan, nerangkeun, yen Sinta suci-beresih.
Rama ngomong ka Sinta: ”Putri, musuh anjeun jeung musuh kuring, ku kuring ditumpes nepi ka tumpur-ludes. Panghina jeung pangwiwirang Rahwana ku kuring geus dibales. Kuring dibelaan leuleuweungan, dibelaan soroh pati, dibelaan ngadukeun mangrebu jiwa geusan mulangkeun kanyeri. Eta kabeh punah sarta lunas. Ngan sarupa anu henteu beunang dipupus atawa dibayar. nya eta awak anjeun kungsi diragap ku Rahwana. Tah ieu anu moal beunang dipunahan teh masing nepi ka lebur kiamat ge moal leungit-leungit. Ayeuna mah, da salamet enggeus, bisi hayang boga salaki mah, jung milih lalaki sejen, kuring henteu kaduga nampa anjeun balik deui jadi pamajikan.”
Negadenge Rama nyarita kitu, cek caritana, ”sumawonna sipating jalma anu harita ngadenge, dalah alam oge, cal angin maul sawarga mani ngarenjag. Na aya teu percaya ka pamajikan kabinabina teuing.
Sinta mani ngadegdeg nahan nye Lasmana sarta ngomong: ”Yayi, aceu bade meuleum-maneh. Percumah hirup ge engkangna.”
Lasmana jeung anu araya geus teu bisa ngomong, cipanon bae rambisak. Sugriwa, Anila, Anoman, Anggada, Kaamanan, Wibisana katut para pamuk lianna anu bisaeun bari seuri dihujanan