Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/134

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

jamparing atawa dibubat-babit ku pedang musuh, harita mah ngadarenge omongan Sinta, geus teu kuateun deui, kabeh pating aringhak, malah alam oge milu ceurik, hujan poyan ngepruy di barengan ku melengkungna katumbiri, matak nambahan kalaletir kana hate, ditambahan gagak ngelak jeung incuing ngaleungleuik bangun nyeri.

Lasmana tanggah ngareret ka lanceukna. Ku Rama kaharti, pok ngomong, pondok heureut: "Pek bae pangnyieunkeun durukan.”

Sanggeus durukan sadia, Lasmana popojan ka Sinta. Sinta cengkat lalaunan, hudang bangun pohara laliatna. Tuluy leumpang, ngurilingan Rama tilu kali, minangka hormat panungtungan. Brek sujud, jung deui nangtung, galantang ngomong, capetang bangun geus leungit sagala rupa karingrang: “He, seuneu, maneh mangka daek dipake panglumpatan ku kami. Lamun enya kami henteu beresih atawa lamun sakiceup bae boga hate serong ka Rama, awak kami ku maneh mangka dibasmi sing lebur jadi lebu. Tapi Jamun enya kami tetap beresih, muga ku maneh ditembongkeun kabersihan diri kami.”

Geus ngomong kitu, jleng Sinta luncat kana durukan anu seuneuna keur ngabela-bela. Di antara anu narenjo, rea anu pating kalieus atawa tungkul teu kaduga nenjo. Da moal henteu tutung atuh naon-naon oge ku seuneu mah.

Kacantakeun di sawarga, para Dewa nu waspada. Nenjo Sinta keur dinyenyeri ku Rama, pohara welaseunana. Para Dewa lumungsur bari narerangkeun ka Rama, yen Sinta suciberesih. Para Dewa sanggup jadi saksi, sarta nunuhun, supaya Sinta ditarima balik deui.

Kocap Agni, Dewa anu ngawasa seuneu. Pikeun nembongkeun, yen Sinta teu boga dosa, harita seuneu anu ngalentab Sinta teh dijadikeun tiis. Sumawonna awakna, buuk salambar oge Sinta henteu tutung, dalah kembang anu dimangle dina buukna, angeer seger feu aya tapak-tapak kapanasan. Sinta di jero seuneu teh bangun senang, tuluy ditungtun ku Agni, dibawa kahareupeun Rama bari ngomong: ”Rama, tenjo ieu Sinta, diduruk teh buukna salambar ge teu busik, tanda yen teu boga dosa. Tarima ieu

132