pamajikan anjeun sarta kudu dipikaasih cara nu enggeus-enggeus. Hirup sing runtut-raut.”
Bari disaksian ku para Dewa jeung ku para pamanggul jurit katut balat, Rama anu ti tatadi tungkul alum teh cengkat bari marahmay cahayaan, pok ngomong: ”Nun para Dewa, para Senapati jeung balad-balad sakabeh. Saenyana kuring teh dina hate mah sakiceup ge henteu cangcaya meueus-meueus acan kana kasucian jeung kabersihan Sinta. Tapi mungguh jalmarea jeung jagat raya, anggapanana teh moal cara kuring. Ku maranehna mah geus ditangtukeun bae, yen Sinta mustahil beresih dina jero sataun aya dina leungeun musuh. Pikeun jagat katut jalmarea mah perlu aya saksi anu nganyatakeun kabersihanana — Lamun Sinta ku kuring jol-jol ditampa, kumaha teuing engke pating gelendengna rayat? Meureun nyarebut ka kuring raja daek nampa barang geuleuh, raja anu daek narima awewe seredan nu lian. Pisakumahaeun jatohna ngaran kuring lamun rayat nukang-nonggong, dumeh henteu percayaeun kana kasucian Sinta. Gorengna pisan, lamun peta kuring kitu dianggap nyontoan ka rayat, nepi ka rayat sakamakama dina urusan kawinna. Kurang pribadi yakin, yen Sinta suka maot tibatan beunang digadabah ku Rahwana. Tapi kumnng henteu kaci yakin sapribadieun bae, kudu aya saksi-saksina. Ayeuna mah geus kasaksian ku sumpah Sinta pribadi tur aya tanggungan ti para Dewa, hate kuring oge tengtrem. Boh Sinta, boh kuring aya pigeusaneun saksi. Kuring ka Sinta, puguh ge kacida beuratna, moal bisa pisah, lir panonpoe jeung caangna.”
Bari ngomong kitu, Sinta dirangkul sarta dicium, tanda yen Rama henteu aya geuneuk maleukmeuk.
Harita, bareng jeung para Dewa ti sawarga, Dasarata oge milu turun ngabageakeun anak jeung minantu. Rama, Sinta jeung Lasmana harita dijiad.
Kalayan panuhun Rama, Dasarata anu tetap kanyenyerian ku Kekeyi, harita ikrar, yen sagala dosa Kekeyi — nu ngajadikeun sangsara Rama jeung maotna Dasarata — ku Dasarata dihampura pisan, sarta ayeuna Kekeyi di idinan deui asup ka karaton.
Batara Indra, nanya ka Rama, sugan aya pamenta. Samemeh para Dewa jeung Dasarata baralik deui ka sawarga, eta pamenta