Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/147

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

III. Mahabarata

Dina antara pustaka pawayangan nu pangsumebarna di sakuliah dunya nya ieu. Boh salinan, boh panguji (kritik), boh rekaan, meh dina unggal basa, aya, babakuna pikeun di sakola-sakola luhur jeung di golongan anu ngulik elmu kuno, cara di urang Gedong Gajah.

Mahabarata teh kaasup kana golongan kasusastran nu baheula mah pohara panjangna, nepi ka 100.000 pada, dijieun 18 buku karandel, dikarang ku Abiasa (eyang Pandawa jeung Kurawa)¹). Ari nu dicaritekun babakuna tedak Barata ti semet Santanu nepi ka Abimanyu dari nyabit-nyabit Parikesit (putra Abimanyu) saeutik-eutikeun, ditambah ku terahing Jadu, nya eta Jadawa?) ti semet Kuntiboja nepi ka Sundari, diselang ku sawatara dongeng, upamana bae dongengna Pandita Brasadwa nu ngalelejar para putra Pandu ku dongeng ”Damayanti jeung Nala”, dongengna pandita Lomasa lalakon “Agastia jeung Gangga”, ”Ciawana jeung Sukania” dongengna pandita Markandeya lalakon ”Sawitri”.

Lian ti eta aya deui sawatara dongengna lalakon Resi Bisma samemeh pupus.

Minangka penyelangna dina Mahabarata teh diselapkeun lalakon Ekalaya raja Nisada 3) nu guguru di Resi Dorna.

Pustaka anu 18 anu ngawangun gemblengna Mahabarata tea disebutna parwa, ari hiji-hijina nya eta:


1) Abiasa dikadarkeun panjang yuswa, dibabarkeun jaman Parasara pupusna sapandeurieun putra putu miwah bayut. Eta margina nu mawi iasa ngalalakonkeun tedak Barata oge.
2) Jadawa tegesna terahing Jadu, karuhun Batara Kresna. Dina padalangan aya soteh “Udawa” patih Dwarawati. Cek nu palinter, eta teh lantaran Kurang paham anu nyalin tina aslina (Sanskrit) nepi ka ngaran bangsa (suku) pahili jeung ngaran jalma.
3) Dina padalangan: Palgunadi raja Paranggelung. (Sakitu jauhna bedana!). Najan Bisma ”rubuhna” pangpayunna, pupusna mah pangpandeurina, ngantosan heula srangenge dengdek ngaler- Memeh pupus ditarepangan heula ku kadang warga; nya di dinya wewekasna.

145